Kamis, 19 April 2018

Papatah Sunda


Hirup dina kahuripan, ngadeg dina wanci janari, tutur tatar laku lampah.

Moal cicing suling dipaling, moal jempe angklung kapulung.

Urang mah urang sunda, atuh pake bahasa sunda.

Urang sunda sing harade, sing nyaah kana budaya.

Ulah sili salahkeun, kudu sili benerkeun. Anu salah tong sok so bener,anu bener tong sok asa pangbenerna.

 Peurih lain ku kanyeri,tapi peurih ku kanyaah.

Ulinan nu bener sanajan batur,elingan nu salah sanajan dulur.

Kasenengan lain saukur ambisi ngahartaan hirup, tapi ngahartian hirup.

Nikmati nu aya ulah mikiran nu euweuh, hirup mah teu cukup ku dipikiran.
Harta jeung harti teh beda sahurup, tapi ngaruhna sahirup.

Boga kanyeri the ulah asa di rasa-rasa, beuki diogo kanyeri maneh, bakal beuki ngadodoho!

Tidak ada komentar: